Contoh warta bahasa sunda
B. Daerah
ardiwalker
Pertanyaan
Contoh warta bahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina nulis warta, aya hiji cara atawa rumusan anu biasa digunakeun ku wartawan atawa jurnalis, anu saderhana tapi gampil ngalarapkeunnana, nyaeta rumusan anu sering disebut 5W+1H. Sacara singget rumus 5W+1H teh nyebutkeun yen hiji tulisan, saperti warta, biasa dianggap eusina lengkep umpama ngabogaan unsur-unsur 5W+1H, nyaeta what, who, when, where, why, jeung how.
Warta teh aya anu mangrupa tulisan dina koran atawa majalah, atawa aya oge anu dibacakeun jeung disiarkeun dina radio atawa dina TV. Di handap ieu conto warta basa Sunda anu aya dina koran:
Pangwangunan Jalan Tol Di Priangan Timur
Kungsi aya rancana yen bakal dijieun jalan tol Cileunyi-Tasikmalaya anu baris bisa digunakeun dina taun 2018. Tapi dina kanyataannana, dina taun 2017 ieu eta pangwangunan jalan tol teh masih acan dimimitian. Malah anu aya mah yen pikeun nyanghareupan usum mudik lebaran taun 2018, baris diwangun jalan tol alternatif Ciawi-Cikijing-Lingkar Jatigede-Bandung.
Pikeun masarakat Priangan Timur nepi ka Pangandaran anu jumlah padumukna kira-kira aya nepi ka 12 juta jiwa, ayana jalan tol Cileunyi-Tasikmalaya teh mangrupakeun hal anu ditunggu-tunggu pisan. Kiwari rancana jalan tol Cileunyi-Tasikmalaya teh geus diganti ngaranna jadi jalan tol Cileunyi-Garut-Tasikmalaya anu disingget jadi Cigatas, sabab engkena eta jalan tol teh bakal ngaliwatan wilayah Garut oge.
Dumasar kana informasi anu aya, cenah rancana jalan tol Cigatas teh pangwangunannana baris kakara dimimitian dina taun 2019. Eta rancana teh naha bakal bisa kalaksakeun atawa henteu masih jadi tanda tanya, anu pasti masarakat mah ngan saukur bisa nunggu-nunggu. Sanajan kitu, masarakat Priangan dina taun 2018 ieu bisa mindahkeun harepan ka rancana pangwangunan jalan tol alternatif Ciawi-Cikijing-Lingkar Jatigede-Bandung.