makna kawih mojang priyangan dalam bahasa sunda
B. Daerah
Farica1345
Pertanyaan
makna kawih mojang priyangan dalam bahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Kawih nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan nyaeta karya sastra dina wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan.
Sedengkeun tembang nyaeta karya sastra dina wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Sanajan kawih teu kaiket ku aturan, aya sawatara unsur dina rumpaka kawih nu bisa digunakeun pikeun nilik eusi rumpaka kawih, nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.
Pikeun nilik makna tina hiji kawih, bisa ditilik tina amanat nu aya dina rumpakana. Jadi, makna tina kawih Mojang Priangan nyaeta nyaritakeun saurang mojang priangan anu leumpangna ngagandeuang siga nu taya karingrang teh nyaeta mojang anu denok, ayu, tur lenjang, sanajan make kabaya saderhana tapi nambah cahaya, jeung oge lucu sarta nyari, eta gambaran teh mangrupakeun ciri khas mojang anu aya di Priangan.