B. Indonesia

Pertanyaan

Naon isi kawih budak jalanan?

1 Jawaban

  • Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama ditilik tina eusi rumpakana, kawih siga sajak, nyaeta mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti aturan nu aya dina pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan.

    Kawih mangrupakeun salahsahiji rupa lalaguan nu aya dina seni Sunda. Rupa lalaguan lianna nu aya dina seni Sunda nyaeta saperti tembang jeung kakawihan. Umpama kawih nyaeta lalaguan Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, tembang mah sabalikna tina kawih. Tembang nyaeta lalaguan Sunda anu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Sedengkeun kakawihan sarua jeung kawih, nyaeta lalaguan Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, bedana, kakawihan mah biasana dinyanyikeun waktu keur ulin atawa digawe.

    Sanajan kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih tetep ngabogaan unsur intrinsik nu aya dina hiji puisi, nyaeta saperti unsur tema, nada, rasa, jeung amanat. Eusi carita nu aya dina hiji kawih, bisi ditilik tina unsur amanat nu aya dina hiji kawih. Unsur amanat dina hiji kawih nyaeta mangrupakeun perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngarang kawih ka anu ngaregepkeun atawa maca eta kawih.
    .
    Umpama ditilik tina unsur amanatna, kawih Budak Jalanan teh nyaeta kawih anu nyaritakeun kasedih hiji budak anu sapopoena aya di jalan, pagaweanana ngamen sajajalan dina kandaraan. Manehna ngarasa sedih sabab teu boga imah, teu boga indung bapa. Nu bisa dilakukeun ku manehna ngan ngadu'a ka anu kawasa sangkan dipaparin pitunjuk.

Pertanyaan Lainnya